
Sajak-Sajak Arif Abdilah
Nu Lunta
: Adih
boa, peuting ayeuna
manéhna dirungkup sepi
di antara sarigsig jalan jeung
kangungun nu ngerem batin sorangan
manéhna tuluy lunta meulah peteng
nu ngarangsadan peuting
sanggeus lampar
dina sela-sela bilik kota
manéhna ngitung sésa umur
dina seuseukeut ramona
laju gunem jeung sepi
“léngkah téh lain baé perkara muru jugjugan
jeung udagan. kitu deui waktu,
lain baé perkara angka
jeung itungan mangsa. tapi saniskara lalakon
nu dicatetkeun baheula jeung ayeuna,”
cék sepi sabot milirkeun angin
di handapeun langit hangit
manéhna kalah ngaragameneng
sabot neuteup tapak rénghap léngkahna
nu ajur dirimbas girimis
2016
Dina Hiji Rohang
dina hiji rohang
di rumah sakit
aya nu nganti-nganti
: sepi jeung pati
nya harita
rénghap salira
mungkas lalampahan
raga
2016
Érloji
nu meulit ringkang waktu
manéhna nu haben ngulinkeun mangsa
tina tiktekna, nyelap sagala lalakon wanci
upamana: detik nu gunem jeung lampah
atawa angka nu ucul tina ranggeuman umur
hiji mangsa, teuing boa iraha
: manéhna mirupa ririwa
2017
Tembang Maskumambang
manéhna nembang maskumambang
dipirig rintakan hujan jeung késétan kamelang
harita, angin reureuh. peuting nembang jemplang
dina langit nu jempling
manéhna laju ngundeur sepi
nu renung dina embun-embunan
nyipta-nyipta kakangen jeung katineung
ngeunaan lalakon nu anggang jeung kahayang
ngeunaan lalampahan nu baris disorang
manéhna masih nembang maskumambang
reujeung abringan kamelang nu sésélékét kana
dada gudawang
2018
Simpang Dago
manéhna milih jalan nu ka luhur
bari milin nasibna nu ka handap
aya nu teu kaukur ku léngkahna
lampah dayeuh nu beuki lampar
sedeng karingrang terus nyedek
nyuntrungkeun ringkangna
ngembat jalan nu ka luhur
tanjakan téh ngampar panjang
meulit genggerongna
2020