Lalampahan Puisi Toni
Salian ti muisi dina basa Indonesia, Toni ogé tapis nyajak dina basa indungna, basa Sunda. Malah apan ti dinya pamianganana. Kawas anu kungsi diunikeun ku jinisna sorangan, “Sastra Indonesia mah ukur pangumbaraan. Ari sastra Sunda mah imah tempat mulang,” pokna dina acara Pésta Sastra taun 2017.
Nengetan kumpulan sajak Indonesiana dina buku Tamasya Cikaracak, katémbong puisi Toni téh geus boga wangun maneuh. Ungkara-ungkarana basajan, tipografina teu réa momonés, tapi nenggel kana mamaras. Béda jeung sajak-sajakna dina basa Sunda. Katarana Toni masih kénéh néangan wangun “imah” anu cocog. Upamana baé opat sajak anu midang bulan ayeuna.
Sajak “Tungtung Sajak” ku sabréhan ogé geus karampa tipografina konvénsional. Najan ungkara sorana minor, dina sajak nu ieu mah Toni masih kénéh méré rénghap ka nu maca. Béda jeung sajak “Awak Bapa”. Toni maké tipografi nirbait, kumaha lumrahna karya prosa. Tapi sanajan kitu, ungkara-ungkarana mah teu matak hésé nyurahan. Sajak “Tungtung Sajak” kalawan samar-samar ngagambarkeun tungtung kahirupan, anu ditamsilkeun kana tungtung sajak.
mulung ruruntuk pikiran katut sesemplékan
haté. nyéréd tulang-taléng. tulang beurang
tulang peuting. tulang-taléng kekecapan
diéntép jadi tumpukan sajak, jadi ranjang
ajangkeuneun tepungna langit jeung bumi
jadi pasaran ajal, jadi paésan paéh
Pon kitu deui sajak “Awak Bapa” –najan aya kesan ieu sajak téh teu réngsé, ukur nepi ka tengah-tengah. Ku Toni ditepikeun maké basa lancaran (prosa), tug ka kaharti ku sakali maca. Jadi hésé disurahan sotéh lantaran jirim bapa di dinya dianggakeun tina ésénsi nu disimbulkeunana: saha atawa naon saenyana anu dimaksud bapa di dinya?
urang nepungan saban kuburan. taya nu kaliwat. tapi taya ngaran bapa. teu kasampak dina saban tetengger nu rajeg. urang nepungan saban réstoran. taya nu kaliwat. tapi taya ngaran bapa. teu kasampak dina saban menu nu disodorkeun. urang nyimpang ka hiji pasar loak. awak bapa geuningan di mamana. ngaranna nyampak dina saban daftar barang nu dijual murah.
Salian ti dua sajak di luhur, dina édisi ayeuna kapidangkeun ogé dua sajak séjénna, nyaéta “Imah Anarki” jeung “Parancah Punk”. Sajak “Imah Anarki”, sanajan marginna teu dibéakeun ka katuhu, ditulisna rapet ti awal nepi ka tungtung, tug ka matak eungap nu maca. Mana komo eusina ngagambarkeun hiji kajadian anu kacow pasoléngkrah. Ari sajak “Parancah Punk” ditulisna maké gaya répétisi, tapi bari niron-niron parancah rajah.
Bubuhan panganteur, kawasna teu kudu kabéh diguar di dieu. Bakal leuwih namper lamun langsung maca sajak-sajakna. Wilujeng ngaderes!