
Gorombolan Dina Novél Sabalakana
Novel Sabalakana téh medal taun 2013, ku pamedal Pustaka Jaya. Dina sastra Sunda mah novél Sabalakana téh kaitung nenggang. Eusina nyaritakeun hiji wabah psikologis anu dingaranan sabalakana. Éta wabah téh ngalantarankeun jalma-jalma anu katerapna ujug-ujug hayang bruk-brak nyarita balaka, malah tug ka daék ngaku kalawan jujur kana kasalahan sorangan. Cohagna, anu katerap éta “panyakit” geus tangtu moal nyésakeun deui rusiah hirupna najan sakeprul. Kangaranan wabah, atuh dina kabuktianana terus tul-tél tatalépa. Tina tadina saurang, beuki lila tuluy beuki ngalegaan.
Demi éta wabah téh mimiti munculna ti Rastiti, anak Gan Kosim jeung Lasmini. Keur rumajana kaceluk tukang nganyerikeun lalaki. Ningkat déwasa beuki ngancrud. Popotongan urut kabogoh balatak di ditu-di dieu. Ngalambangsari ongkoh jeung salaki batur. Tapi dina saterusna manéhna tobat, sarta daék dikawin ku Santana anu baheula cintana kungsi ditolak ku manéhna.
Piisukaneun pruk kawin, teuing naon anu ngajurung, Rastiti kaburu nyieun heula “pengakuan” ka pamajikan hiji pajabat anu kungsi disalingkuhan ku manéhna. Puguh baé gor-gar. Pajabat anu sieun diucah-acéh rusiahna, tuluy ngutus Asép Jitu pikeun mérénan Rastiti. Sanggeusna maéhan Rastiti, ti batan kabur mah Asép Jitu bet kadon masrahkeun manéh ka pulisi. Malah hareupeun kaméra tipi manéhna ngaku satarabasna kana sakur talajak kejemna. Ti Asép Jitu, wabah sabalakana laju népaan réporter Cintatya jeung pulisi. Ti dinya mah laju nyebar baé ka mana-mana.
Malah dina pamustunganana, éta wabah tug ka nimbulkeun huru-hara anu kawilang ahéng tur teu ilahar. Jalma sadésa jadi riceuw gara-gara anu bruk-brak balaka: anak anu balaka geus maéhan indungna, awéwé anu balaka geus salingkuh jeung salaki batur, pulisi anu mulangkeun deui duit ladang meres, jeung réa-réa deui. Sanggeusna béja ngeunaan éta wabah tepi ka pamaréntah, geuwat baé désa téh diisolir. Malah di jerona nyieun tempat karantina sagala rupa. Pirang-pirang tentara tuluy dipagerbitiskeun, ningker wates-wates désa. Éstuning teu nyésakeun lolongkrang pikeun nu hayang ngejat.
Rastiti boga adi hiji, ngaranna Gayatri. Béda jeung Rastiti, Gayatri mah lungguh timpuh. Saréngkak saparipolah euweuh cawadeunana. Ka lalaki bororaah ngulinkeun, embung dideukeutan-dideukeutan acan. Saumur hirupna ukur sakali Gayatri mah “ngajaran” bobogohan téh. Tapi teu kalis ku kitu, manéhna ngalaman panganténan ogé. Ari lalakina nyaéta Santana, anu titis tulis teu laksana kawin ka lanceukna. Tapi dina tungtung carita ditémbrakeun lamun Gayatri téh saenyana lésbian.
Adi lanceuk Rastiti jeung Gayatri boga sipat tur kalakuan anu teu parok jeung batur téh alatan keur leutikna remen didoktrin ku Nini Énti, ninina pituin, indungna Lasmini. Keur ngorana Nini Énti kungsi meunang kaketir anu pohara, tug ka ngalaman owah sagala. Malah Lasmini téh, anak cikal Nini Énti, horéng saenyana teu puguh saha bapana. Nu sidik lain anak Aki Médi, lalaki anu kabiruyungan jadi salaki Nini Énti.
***
Kasang anu dipaké ngalalakonkeun awal galur carita téh, nyaéta tepungna Aki Médi jeung Nini Énti, nalika keur meuweuh gorombolan di pilemburan. Dina bab 9, bubuka caritana disebutkeun kieu, “Kokolot Cikawening tangtu ingeteun kénéh basa Aki Médi jeung Nini Énti mimiti datang ka éta lembur. Harita ngagayuh ka tengah peuting, urang Cikawening keur pakepuk mareuman seuneu di hiji imah anu diduruk ku gorombolan.” Aki Médi basa srog ka Cikawening téh kungsi adu jajatén heula jeung sawatara gorombolan. Ku kasaktén élmu pencana, bruh-brah gorombolan téh rarubuh. Saterusna, “Nyaritana ka urang Cikawening mah, Aki Médi téh keur néangan tempat nyiruruk lantaran sarua deuih lemburna diranjah gorombolan. Malah di lemburna mah aya leuwihna, kabéh pangeusina geus arindit néangan pangungsian.”
Ku lantaran dianggap gedé wawanén tur weruh sadurung winarah, Aki Médi pada muntangan ku urang Cikawening. Antukna manéhna bumén-bumén baé di dinya. Unggal peuting Aki Médi getol ngaronda. Sarta kabuktian, “Aya welasna gorombolan nu katéwak ku Aki Médi sabot ngaronda. Lila-lila nu sok ngaranjah téh kawas nyahoeun yén di éta lembur aya jawara pilih tanding. Jep wéh tingtrim deui, komo sanggeus Aki Médi mingpin gerakan ngajorag panyumputan gorombolan di Pasir Suni. Basa sabubuhan tentara datang ka éta lembur rék milu ngamankeun, ukur kulantang-kulinting da puguh Cikawening mah geus aman.” Najan kasebutna jawara pilih tanding, Aki Médi angger handap asor tur segut digawé. Tiis leungeun ongkoh. Nya satuluyna, “Teu matak anéh mun rajakayana terus nambahan, bisa ngoméan imah, bisa meuli tanah jeung sawah. Antukna, bareng jeung ngadegna Orde Baru, Aki Médi dibenum jadi kuwu.”
Tapi salila manéhna dumuk di Cikawening, aya rusiah hirupna anu teu kungsi kanyahoan ku sasaha. Aki Médi jeung Nini Énti téh asalna ti Sinarlayung, anu cénah “anggangna kahalangan tilu gunung ti Cikawening mah.” Keur ngorana Aki Médi kungsi kaédanan ku Nini Énti. Tapi trésna teu kasorang, bogoh teu kalakon. Nini Énti kaburu dikawinkeun ka hiji sudagar. Aki Médi tuluy ngaberung ka tanah Banten, aprak-aprakan ngundeur élmu kadigjayaan. Basa manéhna balik deui ka Sinarlayung, kasampak lembur téh kari tapakna. “Manéhna ukur manggihan sawatara imah nu geus kahuru, sawaréh deui kosong taya pangeusina. Imah sudagar anu ngawin Nini Énti gé tinggal ruruntukna. Aki Médi hulang-huleng mikiran aya kajadian naon di éta lembur. Geus kitu tuluy mapay ka lembur séjénna, nya meunang béja, cenah Sinarlayung diranjah ku gorombolan.” Ti urang lembur Aki Médi meunang béja, yén Nini Énti diiwat ku gorombolan.
Ku Aki Médi éta gorombolan téh tuluy diobrot. “Nya aya nu nuduhkeun, cenah nyarumputna di leuweung jeung gunung. Aki Médi tuluy aprak-aprakan mangbulan-bulan lilana. Sakur leuweung disungsi. Unggal panggih jeung jelema ditanya. Hiji mangsa, di hiji leuweung, Aki Médi dirempug ku sawatara gorombolan. Ukur sababaraha geprakan, nu ngarempug téh tuluy birat, ngan aya hiji lalaki nu kacerek teu bisa ngejat”. Ti éta gorombolan anu kacerek, Aki Médi bisa nyukcruk tempat dikeremna Nini Énti, nyaéta di guha handapeun lamping, deukeut walungan. “Nya di éta guha pisan, Aki Médi kungsi ngamuk nguwak-ngawik. Dalapan jalma ngababatang. Nu séjénna kabur katawuran. Aki Médi teu cécél teu bocél, ngan haténa nalangsa liwat saking. Di éta guha, salila mangbulan-bulan, Nini Énti dikerem bari saban usik dipaké pameupeus birahi puluhan lalaki nu geus mangalam-alam teu manggih awéwé. Basa kapanggih téh Nini Énti keur ngabigeu, awak rangkebong, beuteung eusian.”
***
Dina novélna, Ki Dadan mémang teu sacara implisit nyebut gorombolan DI (Darul Islam). Tapi tina sawatara anasir carita anu bieu dicutat, kamungkinan tapsiran anu pangterbukana –tur sigana hiji-hijina anu mungkin- nujulna ka gorombolan DI. Ti mimiti lembur-lembur anu diranjah bari diduruk, padumukna anu ngarungsi, tentara anu daratang ka lembur rék ngamankeun, tug ka saterusna gubrag jaman Orde Baru. Gambaran anu bieu disebutkeun cocog pisan jeung kaayaan anu umum kajadian di tatar Sunda, nalika mahabu babaruntakan DI pingpinan Kartosuwiryo (urang sebut babaruntakan wé sakumaha cék vérsi resmi pamaréntah). Malah gorombolanana ogé apan caricingna téh di gunung jeung leuweung.
Babaruntakan DI téh dina sajarah mah kaitung anu panglilana tur pangliatna tina sakabéh kajadian babaruntakan di Indonesia. Lilana kurang leuwih tilu welas taun -ti taun 1949 nepi ka taun 1962. Mimitina tina alatan kuciwa kana kawijakan diplomasi pamaréntah RI, anu dina kabuktianana teu weléh nguntungkeun Walanda. Katurug-turug ti saméméhna ogé Kartosuwiryo geus boga cita-cita hayang ngadegkeun Nagara Islam Indonesia.
Balukar perjanjian Renville awal taun 1948, najan bari beurat ogé tatar Sunda kapaksa kudu dikosongkeun. Divisi Siliwangi hijrah ka wewengkon Jawa Tengah jeung Yogyakarta. Éta kasempetan téh ku Kartosuwiryo, babarengan jeung laskar Hizbullah katut Sabilillah anu narah indit hijrah, dimangpaatkeun pikeun konsolidasi kakuatan DI di Jawa Barat. Sataun ti harita, sanggeusna Yogyakarta diserang ku Walanda, tentara républik baralik deui ka Jawa Barat. Nya ti dinya mimiti timbulna pepeletékan téh, tug ka pamustunganana bitu perang mulan-malén.
Salila konflik senjata téh anu teu weléh katurug katutuh mah nya saha deui lamun lain rahayat. Basa mimiti nguniang, DI ngaluarkeun kawijakan wajib infak ka sakur rahayat. Keur mimiti mah cénah, sakumaha anu dipedar ku Holk H. Dengel (Darul Islam – NII dan Kartosuwiryo), mulut infak téh bari jeung méré bukti pembayaranana ongkoh. Tapi ka dieunakeun, sanggeus rahayat beuki seuseut tur réa ogé di antarana anu nonggong (pangpangna mah sieun ku tentara), DI ngaluarkeun kawijakan ngarebut paksa, alias diranjah, imahna diduruk, sarta mun perlu dipaéhan jelemana. Teu paduli saha-sahana, saupama nukang nonggong ka DI geus tangtu bakal dianggap musuh.
Radikalismeu DI dina nandeskeun kawan jeung lawan téh mémang saklek kacida, hideung bodas. Ulah bon jeung anu teu hir teu walahir, dalah Pasantrén Darussalam ogé anu dipingpin ku Kiai Yusuf Tauziri, tug ka 46 kali diserangna ku DI téh. Alatanana pédah Kiai Yusuf embung ngadukung DI. Padahal meleg-meleg Kiai Yusuf téh guruna Kartosuwiryo. Kungsi babarengan aktip di PSII deuih.
***
Heup baé, moal papanjangan ngaguar babaruntakan DI. Ongkoh kawasna perkara éta mah leuwih apdol lamun dicukcruk langsung kana sumberna.
Dina ingetan koléktif urang Sunda, mémang anu pangnonggérakna tina perkara DI téh nyaéta kakejemanana. Dina wangun carpon waé teu kurang-kurang anu nyaritakeun perkara éta téh. Upamana dina carpon “Panto Tajug” beunangna Iskandarwassid anu kaitung hadé. Aya ogé anu nyaritakeun jaman mahabu DI téh tina tilikan rahayat anu jaradi korban, bari teu karasa ayana nada biluk ka salah sahiji pihak. Dina novél pondok Lembur Singkur contona, anu ditulis ku Abdullah Mustapa.
Nalika jaman révolusi, utamana satutasna proklamasi, kungsi ogé timbul kakacowan. Rahayat anu tilu taun satengah dikakaya gentak hudang amarahna. Kamerdékaan anu sing sarwa walurat kénéh téh, salian ti dipapag ku mudalna sumanget perjoangan, diwuwuhan ongkoh ku sikep silih curiga. Remen kajadian aya nu diculik atawa dipaténi teu pupuguh. Geus karuhan ari kriminalitas mah, upamana kajadian imah digarong. Tapi fénoména-fénoména sarupa kitu dina sajarah mah sipatna sporadis-spontan. Salian ti éta, asa teu nepi ka meuweuh ngaduruk lembur sagala. Sedengkeun ari dina Sabalakana mah karasa yén kajadian meuweuhna gorombolan téh kaitung massal (da lembur nu diranjah téh sakitu réana, tur ambahanana lega). Dudurukan ongkoh, deuih. Malah datang ogé tentara pikeun ngamankeunana. Sanggeusna penyerahan kedaulatan (1949), salian ti DI aya ogé kelompok bersenjata séjénna anu remen ngaganggu katengtreman. Upamana Bambu Runcing jeung Brigade Citarum. Tapi ieu gé asa teu kacaturkeun sok ngahuru lembur.
Saperti anu disebutkeun di luhur, ki pangarang mémang teu nyebutkeun lamun gorombolan anu ngiwat Nini Énti téh gorombolan DI. Tapi mun seug téa mah bener anu dimaksud téh gorombolan DI, tur ku pangarangna ngahaja teu disebutkeun, nya kawilang wajar ogé –malah kitu kuduna. Bubuhan éta jaman riceuw téh ku urang Sundana sorangan ogé cukup ku disebut jaman gorombolan baé, tara diémbél-émbélan maké ngaran DI. Tapi ku sakitu gé geus maphum, yén anu dimaksud téh gorombolan DI Kartosuwiryo.
Tina sawatara tulisan jeung sumber-sumber lisan, bisa dicindekeun yén kakejeman DI téh di antarana nyaéta ngarampas harta katut ngaduruk imah rahayat, maéhan, sabotaseu, jeung nyulik jalma. Perkara nyulik jalma, réréana anu diculik téh sok laju ditelasan, minangka hukuman ka jalma-jalma anu baha ka DI. Aya ogé (urang lembur) anu diculik tuluy dipaksa sina jadi anggota pasukan. (Saperti anu ditulis ku Cornelis Van Dijk dina bukuna, Darul Islam; Sebuah Pemberontakan. Dengel ogé nétélakeun, yén aya mangsana DI kakurangan pasukan ti batan kakurangan senjata.) Malah aya ogé awéwé anu diculik laju dipaksa jadi pamajikan DI. Tapi perkara gorombolan DI nyulik wanoja laju diperkosa ku réaan salila mangbulan-bulan mah, kawas kajadian jugunianfu nalika penjajahan Jepang, asa euweuh kateranganana.
Nya lebah dieu anu rada matak kerung téh. Mun seug bener kasang gorombolan dina novél Sabalakana téh nyaéta babaruntakanana DI di tatar Sunda, kajadian diperkosana Nini Énti ku gorombolan anu jadi plot awal carita dina éta novél, mun teu disebut anakronismeu ogé cék kuring mah jauh teuing tina kanyataan anu sabenerna. Cindekna, aya logika carita anu teu kurup jeung kanyataan sajarah. Da enya atuh, urang lembur anu baheula bariluk ka DI téh sahenteuna ngalarti kana agama (malah loba nu kungsi ngambeu pasantrén), lain pantar kriminal euwah-euwah. Angot ari gegedug-gegedugna mah.
Enya, dina lebah kejem mah mémang kitu buktina. Upamana baé Gojin, tokoh DI anu kaceluk “tukang rebab”, alias jagal beuheung. Malah cék Abdullah Mustapa mah, pangarang Sunda kahot anu ngalaman pait peuheurna jaman gorombolan di Selaawi, Garut, harita nepi ka timbul babasan digojinkeun; maksudna dipeuncit ku DI. Tapi anu kudu jadi catetan, kakejeman anu dipilampah téh miangna tina idéologi radikalismeu agama. Kétah ulah bon DI. Perkara maéhan mah dalah téroris ogé –anu nepi ka ayeuna remen kénéh diwartakeun- kaasup saéhuna. Malah éta ogé jeung ngarampogna ongkoh. Tapi apan asa teu kacaritakeun ari nepi ka kolu merkosa awéwé mah -najan béda ageman ogé.
Tina sawatara sumber lisan, kuring kungsi ogé ngadéngé yén di leuweung téh cénah réa DI mamalihan, atawa pasukan anu ngaku-ngaku DI. Malah nya ieu DI mamalihan cénah anu sok mergasa kiai jeung rahayat téh. Tujuanana pikeun nyuparkeun citra DI. Bubuhan DI téh dihenteu-henteu ogé loba meunang dukungan ti masarakat. Tapi hanjakal, asa teu manggihan katerangan tinulisna. Jeung deuih da asa teu nepi ka merkosa awéwé sagala.
Mungkin baé éta plot awal carita téh suméndér kana sumber sajarah anu kuring teu kungsi nyaho, tur teu pati umum ogé deuih dipikanyaho ku masarakat. Tapi kuring sorangan ngarasa cangcaya. Lantaran, saperti anu didadarkeun dina tulisanana, Ki Dadan téh keur sakolana ogé teu resep pelajaran sajarah. (Duka ayeuna mah, atawa lamun dipatalikeun jeung kapentingan ngarang.) Mungkin ogé kasang meuweuhna gorombolan di dinya téh -anu digambarkeun kajadianana di tatar Sunda, ngaranjah lembur, ngahuru paimahan, ngalibetkeun kakuatan tentara, sarta waktuna saméméh gubrag Orde Baru- lain kajadian anu kungsi kacatur dina sajarah. Lamun enya kitu, asana téh diwangwang teuing cék kuring mah.
Dina nyusun galur carita, sok rajeun aya pangarang anu kajiret ku logika “mungkin baé”. Enya, mun seug bener kasang meuweuhna gorombolan anu dipaké dina novél Sabalakana téh nyaéta babaruntakanana DI, mungkin baé dina kanyataan anu sabenerna kungsi kajadian aya “oknum” DI anu téga merkosa awéwé salila mangbulan-bulan. Tapi dina karangan réalis kawas Sabalakana, anu kudu kaharti rélévansina jeung narasi faktual-historis masarakat, nya hal-hal sarupa kieu anu sok ngagejrétkeun ajén karya téh.